Sony Xperia X - Kibor di layar

background image

Kibor di layar

Aya sababaraha panyadia entri teks bawaan dina alat.

Panyadia entri teks standar manawi dumasar dina setelan kawasan atawa basa nu dipake. Hiji

atawa sababaraha panyadia entri teks bisa jadi can sadia di kawasan Anjeun.

Kibor SwifKey

®

Anjeun tiasa ngasupkeun teks make kibor di layar ku cara ngetok unggal hurup, atawa
anjeun tiasa make fitur alur SwitfKey

®

tur ngegeser ramo anjeun ti hurup ka hurup pikeun

nyieun kecap.

1 Pupus hiji karakter samemeh kursor.

2 Ketok pikeun asup kenop mulang, atawa toel tur tahan pikeun ngakses senyum.

3 Tulis tanda baca.

4 Tulis spasi.

5 Ketok pikeun nulis koma, atawa toel jeung tahan pikeun nulis teks make input sora.

6 Pintonkeun nomer sareng lambang.

7 Pindah antawis hurup leutik, hurup gede jeung kabeh kapital .

Jang inpormasi nu leuwih lengkep ngeunaan SwiftKey

®

, buka https://swiftkey.com/.

Langlangan kibor Google

Anjeun tiasa ngasupkeun teks make kibor di layar ku cara ngetok unggal hurup, atawa

anjeun tiasa ngegeser ramo anjeun ti hurup ka hurup pikeun nyieun kecap.

1 Ketok pikeun mupus hiji karakter samemeh kursor.

2 Ketok pikeun nulis kenop mulang, ngakses senyum, atawa teangan eusi. Pungsi dumasar dina jinis

widang teks

3 Ketok pikeun nulis tanda baca

4 Ketok pikeun ngasupkeun spasi.

5 Ketok pikeun nulis koma.

6 Ketok pikeun minton nomer sareng lambang.

7 Ketok pikeun pindah antawis hurup leutik, hurup gede jeung kabeh kapital .

66

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Mintonkeun tuts na-layar pikeun ngasupkeun teks

Ketok widang entri teks.

Make kibor di layar dina orientasi lanskap

Sawaktos kibor di layar dipintonkeun, balikkeun alat ka gigir.

Anjeun meureun perlu ngaluyukeun setelan di sababaraha aplikasi pikeun ngaktipkeun

orientasi lanskap.

Ngasupkeun teks hiji-hiji karakter

1

Pikeun nuliskeun karakter nu bisa ditingali dina kibor, ketok karakter nu dimaksud.

2

Pikeun ngalebetkeun jinis karakter, toél jeung tahan karakter kibor umum pikeun

ningali daptar pilihan nu sadia, teras pilih tina daptar. Contona, pikeun nulis "é",

toél jeung tahan "e" nepi ka pilihan sejen nembongan, teras, sambil terus mencet

kibor, séred tur pilih "é".

Ngasupkeun periode

Sanggeus anjeun ngasupkeun kecap, ketok bar spasi dua kali.

Cara nulis teks make pungsi Input Gerakan

1

Sawaktos kibor di layar dipintonkeun, geser jari Anjeun ti hurup ka hurup pikeun

ngalacak kecap nu hayang diserat ku Anjeun.

2

Saatos Anjeun rengse nuliskeun kecap, angkat jari Anjeun. Saran kecap

nembongan dumasar ka hurup nu geus Anjeun lacak.

3

Upami kecap nu Anjeun hoyongkeun teu nembongan, ketok pikeun nempo

pilihan sejenna tur pilih kecap. Upami pilihan nu dipikahoyong teu nembongan,

pupus sadaya kecap tur lacak hurup deui, atawa tuliskeun kecap kucara ngetok

unggal hurupna masing-masing.